Headlines News :
Home » » TEKS PIDATO PERNIKAHAN SUNDA

TEKS PIDATO PERNIKAHAN SUNDA

Written By Berkah Tani Unggul on Saturday 28 July 2018 | 01:36


Assalamu alaikum Wr., Wb.

Bissmillah nu jadi sekar pangiring catur nu jadi tuturus laku muru sampuraning rahayu, banjaran jatining bagja. Alhamdulillah minangka panyinglar riya anu pasolengkrah dina manah, panundung ujub sareng takabur nu ngawujud dina kalbu, pangusir gumaki nu ngadaki dina ati. Nu tinggal iwal ti beresihna ati geusan nampa jorelatna Alloh, sareng safa’atna Rosululloh SAW. mangrupikeun salah sawios do’a nu nandakeun kadeudeuh anu maneuh ka gusti jungjunan alam kakasih Robbil ‘alamin. Mantena pisan anu janten tuturus laku kanggo umatna, kalebet urang sadaya geusan sumujud ka dzat Allah aja wajala.

Alhamdulillah kalayan rahmat Allah anu agung,Urang sadaya parantos tiasa riung mungpulung,anging takdir ti illahi,urang tiasa silaturahmi dina ieu wanci anu mustari,pangersa Allah anu maha kawasa,tepang rasa,tepang basa sareng kanca mitra sadaya.teu aya sanes anu janten cukang lantaran ku tepungna tagtung,pacangreudana deudeuh,patalina asih,tug dugika jatuk ramina laki rabi pun alo ka pun rayi Cep ………………… anu kalayan takdir ti ilahi parantos waluya bagja rahayu anu dituju,tinekanan diwalimahan tadi pisan mangsa saringenge medar.
Hadirin anu mulia,para tamu rombongan panganten anu kaleresan nuju leleson utamina sepuh panganten pameget.tamu uleman anu parantos tiasa rurumpaheun ka ieu gernaka,panata calagara ieu acara,tokoh masrakat oge alim ulama,rombongan lingkung seni anu ngahaja di ulem,oge teu kantun ka bapa kapala Desa salaku ais pangampih di ieu wewengkon,uteuk tongo walangtaga kum wae kasadaya mobeh di wilah-wilah.
jisim kuring kalayan asmana pun lanceuk nyeta Bapa Suminta sareng Ibu Oon.langkung tipayun seja sanduk-sanduk,mugia agung cukup lumur,jembar hapunten anu kasuhun rehing dina tata titi,duduga peryoga.tata cara kumaha kedahna nampi tamu,estu tumamu,tebih tina panyumponan kautamian,estuning walurat pisan.Hapunten sanes henteu ngutami,atanapi kirang hormat,namung nya sakieu kabuktosanna anu ka dada ka iga.Ari karep mah hoyong nyugemakeun,namung pakeun anu henteu tiasa di pinding – pinding,estu nya sakieu kabuktosanna. Sim kuring emut kana paripaos “Ciri sabumi tara sami, cara sadesa tara sarua, kukituna bilih aya sugrining tindak tanduk sim kuring sakulawargi anu teu sapagodos,pasolengkrah pasalia faham,atanapi pacorok garapan sareng dulur – dulur sadaya,margina kawit urang teh wiwit sahiji,sakokocoran,teureuh ratu menak sunda kanjeng sinuwun Nalendra parabu siliwangi,tidituna sa adam sa hawa neda tawakup anu ka suhun.
Upami mah ka tingal aya idangan atanapi tuang leueuteun, etamah tamba roncong ti koro, etang-etang tilam kasono, kagegelan ka asih sareng ka tineung, panyombo kanu donto, ngupahan anu lenjang, manawi bahan katampi.
Nanging hapunten anu kasuhun mung alakadarna, mugi ulah ditingali barangna, sumawonten nilaina mah, tingali wae tina niatna, insya Allah niat anu ikhlas mangga nyanggakeun mugia katampi kalayan kabingahan.

Hadirin nu kusimkuring di pihormat
Salajengna,ngahaturkeun salam silaturahmi, harepan mudah-mudahan di tampi ku hasta kalih, kasangga kalingga murda, oge mudah-mudahan ku tepangna sim kuring oge kulawargi sareng seuweu siwi di ieu lembur,sing janten wasilah kana langkung raketna ukhuwah basyariah, ukhuwah Islamiyah anu mangfaat maslahat minal dunya wal akhirat. Aminn. Utamina mudah-mudahan kabarokahan tina silaturahmi  tiasa walatra karaos ku urang sadaya utamina barokah rijki sareng barokah yuswa. Amin ya robbal alamin.
Sateuacan di pungkas, sim kuring mahanan ku du’a mugia ieu pasangan teh sing janten kulawargi anu sejahtera, bahagia pi dunya wal akhirat. Kulawagi sakinan,mawadah wa rahmah.
Tutug anu dituju,tuntas anu diseja,sakitu nya kedalna ieu rasa minangka panyambung carita pun lanceuk sakulawargi.anu kapaksa satiasa-tiasa diolah kubasa,anu tuna pangabisa,sih hapunten tangtos pakusut nyebut,pasolengkrah pasalia,caturna teu ka ukur ku ugeran,enggangna teu di unggang-enggang,tata titina tebih ti utami,sih haksami anu dipamrih,mugia agung cukup lumur,jembar pangapunten,tina sagala rupi kakiranganna.
Billahit Taufik Wal Hidayah
Wassalamu’laikum Wr. Wb.

Share this article :

0 komentar:

Subcribe

Subscribe via RSS Feed If you enjoyed this article just click here, or subscribe to receive more great content just like it.

Recent Post

Popular Posts

Comments

Random Post

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Proudly powered by Blogger
Copyright © 2013. KELOMPOK TANI BERKAH TANI UNGGUL - All Rights Reserved
Template Design by Creating Website Published by Mas Template